Langsung ke konten utama

SADAR BERAGAMA, BERNAGARA SARENG BERMASYARAKAT

Jaman nepi ka kieu nya, ka alaman ayeuna, teuing ke ku barudak engke mah euy. Nu matak beurat ti ayeuna keneh. Tatan-tatan nyahareupan waktu nu bakal datang, ayeuna keneh ge geus karasa kritis na masyarakat teu di kampung, teu di kota. Ngan saeutik we hanjakal teh sok babarian demonstrasi nu ngarusak pangwangunan nu geus aya. Teu etis kalakuan nu jiga kitu teh. Aya nu teu ngeunah mah sok salurkeun aspirasi urang, da aya penyalur na, aya nu bakal narima na. Nu penting Demokratis jeung Pancasilais supaya dilindungi ku Undang-Undang,hehe..

Komo tahun 2000-sekian mah ceunah geuningan aya perdagangan bebas. Bakal bersaing ketat engke mah dina waktu na. Tong boro engke, ti ayeuna keneh oge deleu geus bersaing. Sok we kumaha nasib na Bugis geus ka elehkeun ku Hamburger, komo eta Kue Putri No’ong da geus eweuh eleh ku Hot Dog, Kere geus ka elehkeun ku Stik, Kolontong eleh ayeuna mah ku Konelo, Kremes ku kacida ripuh mah ku Donkin Donat, Angeun Kacang ayeuna geus hampir eleh ku Sop Kaki. Matak ti ayeuna keneh bersaing teh geuningan karasa. Paingan kolot baheula mah sok ngalagu teh kata-kata na teh tina kadaharan. Pais tipung ngadu elmu Nya Wajid ngajak pasini Angleng anu nga lendean Opak anu emprak-emprakan…….. Rangginang semu kareunang Kolontong boboroholan Saroji jeung Saroja nyeungseurikeun “Mas Pupuntir” Nyaho lain Mas Pupuntir ? Mas Pupuntir teh dodol. Dodol mah da ayeuna mah geus milu bersaing ti ayeuna keneh, Dodol Garut. Tah ayeuna kurunyum teh Hui Silembu, tah milu bersaing, lumayan rada ka tengah. Make jeung Hui aya di supermarket.

Tah kitu kari mikir urang teh ulah monoton wae. Kari mikir kumaha cara na sangkan Cireng milu ka tengah, milu bersaing. Sok sabarahaan, kumaha cara na sangkan eta Cireng teh bisa jadi makanan anu payu di pasaran.hehehe… ganti ngaran na ulah Cireng, model Hamburger, Fried Chicken, bisa we ganti ngaran na jadi Cirengken, Opaken, pan pantes,hehehe… Dina jaman kiwari mah kari mikir wungkul, nu matak Pamarentah nga gupai neangan Sumber Daya Manusia yang handal dan berkualitas. Ngabutuhkeun wawasan anu Internasional, terampil, jeung sajaba na. Nu matak ka adi-adi, ka barudak-barudak sok sakola sing jalujur, sing laluhur. Ka ibu-ibu na, ka bapak-bapak na sakolakeun, mun tea mah urang isuk-isuk giringkeun ka sakola, sore pasantren keun, giringkeun ka masjid, ka ustad, ka madrasah singka ngaji, singka apal bagan-bagan elmu agama. Sabab naon? Lamun urang ayeuna terus-terusan sakola cicing dina tehnologi nu canggih tanpa iman dan takwa, karuksakan geus di ambang pintu.

Ai agama teh pikeun ngabebek mental na, supaya mental urang kararuat. Mental na heula sagala rupa oge lain jalma na tapi mental na heula nu kudu dibebek ti ayeuna supaya mental bangsa urang teh kuat, ulah beunang ku paneluh batur, ku weureujit-weureujit anu geus nyerep ka kampung-kampung. Weureujit teh nya eta pang rupa ekstasi, heroin morpin, ganja. Tah weureujit-weureujit nu kieu teh leuwih ti pareuh beuteung lain keur sorangan we tapi bakal mawa karugian nagara. Naon sabab na weureujit nu jiga kieu geus nyerep? supaya bangsa urang mental na lemah. Dimana bangsa urang utamina para pemuda geus lemah mental na, karuksakan geus diambang pintu. Didieu, paeh akal na, mental na, pikirana, paeh dunya na. Gudag-gideug di diskotik. Paingan eta Doel Sumbang celeungkeun-celeungkeun ‘’Ema buru balik, itu hayam geus kongkorongok. Mental heula kuatan bangsa urang teh, is not the gun but the men behind the gun, pokok na mah jelema na heula lain bedil na heula. Lamun jelema na mental na teu kuat eta bedil dipake ngagarong. Is not the song but the singer behind the song, lain nyanyi na wungkul nu kudu alus teh tapi penyanyi na oge. Da loba nyanyi na hade, kata-kata na alus, sora na hade. Tapi penyanyi na cicing na di diskotik bari ngalegleg ekstaksi. Matak dina jaman kiwari mah tembongkeun jasa boh ka nagara boh ka bangsa. Malahan ceuk paribasa Gajah mati meninggalkan gading, harimau mati meninggalkan belang. Manusia mati meningggalkan jasa ke bangsa, ke Negara dan ke Agama. Naon nu aya di urang lain kodrat ti Gusti tapi loba na urang teu mikir. Da Pangeran mah moal rek ngarobah nasib urang iwal ti urang nu ngarobah na. Entong mikiran dunya wungkul, lain ulah dudunya. Pek dunya mah teangan sing saperti urang rek hirup rebuan taun. Ngan urang sing inget, hiji waktu bakal pinangggih jeung poe akhir anu ngandung harti poe pamungkas, raga ditinggalkeun nyawa, maot pingaraneunana.

Pikiran perkara-perkara akherat, lain dunya wungkul. Cing sa imbang balance. Cukang oge pan bisa sote dipake meuntas, lamun napak kaditu-kadieu hartina saimbang. Jadi tong dunya wungkul nu dipikiran teh. Dunya teu nepi, akherat komo, cilaka. Hirup di dunya teh moal lila. konci ti ayeuna keneh biwir teh, kaput. Ceunah engke di akherat teh nu ditanya teh nu ngajawab na leungeun urang. Da sungut mah di kaput. Matak ti ayeuna keneh di kaput teh. Leungeun oge ngajawab teh ti ayeuna keneh lain di akherat wungkul. Apal kan jawaban leungeun? Tuh tingal gedung-gedung pencakar langit, eta teh jawaban leungeun. Ngocoblak leungeun teh jaradi bangunan aralus. Nya ai nu nembok ngocoblak? Ieu keusik dicampurkeun ejeung semen, semen ku cai di banjur di galo-galo. Apan henteu sanes? Lengeun we nu ngocoblak mah. Ku lengeun teh, plok… kop… plok... matak pang koplok-koplok na mah tukang tembok,heheehe… Nah, ai biwir di kaput na kumaha? Jadi, eling nu teu aya wates wangena teh dzikir terus. Saliring liring dumadi salengkah sakali polah teh laillahailallah. Jeduk di tajong, astagfirullah.. innalillahi wa innalillahi rojiuun… ulah aya nu maot wungkul nyebut innalillahi teh. Lamun urang rek neunggeul batur teh ieu peureup, coba kembali kepada jalan Allah, tong tulus. Tah eta teh migawe innalillahi… Tah engke teh mun reuwas teh nyebat (dzikir), nepi ka erek di cabut nyawa teh nyebat laillahhaillah… lain nyebat anjing.. anjing… anjing.. anjing.. (punten ah) sabab kabiasaan sapopoe jorang we. Sina matuh, dimana geus matuh, mati. Hirup oge moal motak. Salila na narima papatah. Tah janten engke mah gentos nya mun reuwas teh ku dzikir, ulah nyebat anjing… anjing… anjing… hehehe.. bisi engke datang malakal maot teh urang tos papatah Islami. Ai umat Islam teh anu sok saling salametkeun ku lisan na jeung papada batur na ; ku lisan na jeung ku lenguen na. Cing lisan na heula, lengeuna silaturahmi jeung papada batur urang sararea.

Geura sok kasadaranana. Sadar beragama, sadar bernagara, sadar bermasyarakat. Sadar bernagara; sing inget ieu teh nagara urang, keur urang, hak urang, wajib dibela ku urang, hasil na ge keur urang keneh. Sadar bermasyarakat; he’eh nya erek pa heyeuk-heyeuk rek pa antai-antai tangan teh rek jeung saha lamun lain jeung papada urang mah. Sadar beragama sing inget urang teh bakal maot. Naon anu kudu ditinggalkeun teh? Jasa anu hade, amal nu hade. Saling wasiatan jeung papada urang jeung papada babaturan, saling junjungkeun, saling pajukeun ambeh teu rugi.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Si Budi Kecil

…Anak sekecil itu berkelahi dengan waktu Demi satu impian yang kerap ganggu tidurmu Anak sekecil itu tak sempat nikmati waktu Dipaksa pecahkan karang lemah jarimu terkepal… Lirik lagu milik Iwan Fals ini sering sekali terimajinasi oleh saya, dari suara vokal dan gitar yang dibawakan oleh Iwan Fals, atau pun dari suara teman-teman saya ketika bernyanyi bersama, dengan seadanya. Mulanya saya kira lagu ini berjudul ‘Anak Sekecil Itu’, maklum saja saya tak pernah mendengarnya melalui versi lengkap yang dinyanyikan Iwan Fals. Ternyata lagu ini berjudul ‘Sore Tugu Pancoran’. Tiap kali mendengar lagu ini, ada satu perasaan yang hadir menyelimuti hati saya, yaitu tragis. Kenapa? Karena lagu ini berkisah tentang anak kecil bernama Budi yang harus bekerja sebagai penjual koran sore di kawasan Pancoran, kalau tidak salah ini di kawasan Jakarta Selatan. Ia melakukannya demi tetap dapat bersekolah dan mengenyam pendidikan untuk menggapai cita-cita. Ironis sekali Iwan Fals me...

Pesan Untuk Nonoman Sunda

Nonoman Sunda! Pasundan teh lemah cai aranjeun! Aranjeun nu boga kawajiban ngabdi ka lemah cai, tapi gigireun ieu kawajiban anjeun ngabogaan hak pikeun hirup di tanah sorangan. Nonoman Sunda! Upama anjeun teu wekel ngasah awak, teu pemohalan, Nonoman Sunda di lemah caina teu kabagean alas, kapaksa kudu nyamos lantaran kalindih ku golongan sejen. Ku saba eta para Nonoman sunda, geuwat berunta, geuwat kukumpul tanaga jeung pakarang, nu diwangun ku kaweruh pangpangna adat tabeat nanu kuat, nyaeta: kawekelan, kadaek, kakeyeng, karep jeung kawanen. Geura rasakeun, pisakumahaeun teuing pinalang saeunana upama Nonoman Sunda ngan kabagean harkat kuli jeung jongos, paling negtog jadi jurutulis, cindekna ngan kabagean pangkat laladen, tur di bali ngeusan ngajadi sorangan. Aduh tobat, dugikeun ka kedah kitu mah, sing jauh ti tanah sunda, ka ditu ka sabrang. (Oto Iskandar Di Nata) Resapilah tulisan Oto Iskandar Di Nata dari tahun 1938. Beliau sangat sayang kalian, jau...

Cerita Kelas Empat

Cerita-cerita dari teman sesama pengajar benar-benar membuka mata saya akan apa yang sudah saya lakukan dan kerjakan selama mengajar. Banyak kekurangan di sana sini. Masih belum maksimal di beberapa aspek. Bahkan minim di satu, dua poin pengembangan. Kekurangan tak membuat saya kecewa. Justru saya kembali dengan banyak bahan evaluasi dan perbaikan ke depan. Dalam beberapa sesi diskusi, agaknya saya mesti bersyukur diberi kepercayaan mengajarkan kelas rendah. Buat saya, kelas empat adalah sebuah transisi. Proses perubahan pemikiran anak-anak dari yang sebelumnya belajar materi-materi sederhana ke materi-materi yang jauh lebih serius dan rumit. Jam belajarnya pun bertambah. Banyak teman mengeluhkan anak murid mereka yang belum lancar membaca dan mengingat hurf-huruf bahasa Inggris. Jelas, di kelas saya pun masih ada yang belum bisa membaca dan menghapal huruf-huruf dalam Bahasa Inggris. Tapi saya tak mengejar terlampau jauh ke belakang. Bayangkan di kelas 4 dengan materi s...