20-02-2012, 23.40 WIB. Can tiasa sare keneh euy.. mending urang tatarucingan ateuh nya. Apal tatarucingan? Tatarucingan teh babadekan, tebak-tebakan urang sunda atawa mun basa indonesya na mah teka-teki atau tebak-tebakan dalam bahasa sunda. oh nya sok emut jaman baheula abi keur leutik sok tatarucingan jeung kolot,hehehe... mangga ah prungn urang wang ngamumule budaya sunda jeung tatarucingan,hehehe :
- Bahasa Arabna buah-buahan = Alpukat
- Bahasa Arabna Kalender = Almenak
- Bahasa Arabna Parabot dapur = Almunium
- Leutik Hideng Kesangan ? Sireum Tas Pus ap
- Hideung Koneng Hejo ? Urang Negro Modolna Jukut
- Di cabak ledok di takol ngabelentrang = Tai kotok dina Katel
- Sato Naon Nupang leutikna? Tongo tapa 10 taun,tipes,kagencet batu
- Kaleng Naon Nu Paur = Kalengkahan Maung
- Kaca naon nu Berat = Kacalikan Gajah
- Tahu naon nu pangbauna? Tahuntu Sia
- Jelma modol bari naon? Barijil
- Leutik bodas ngabelesat = Remeh napel na pesawat jet
- Oray hejo ngaringkel Udud = Obat nyamuk
- Kumaha ngabedakeun gajah leutik jeung gajah gede? Di ayak
- Di asupkeun kalah kaluar? Kancing
- Basa Jepangna nu Reneh renang = Kukira Kura kura
- Basa Jepangna Botak = Karineke
- Basa jepangna Naek Motor = Suzuki kutaiki
- Basa Arabna Ombeh = Ala an Taina
- Basa Arabna Kopeah = Waddahuulu
- Basa Cinana Leupas = Cing Cuang Cang-cang
- Basa Cinana Rok = Cing Cuang Cing Cat
- Basa Jepangna Boke = Sakurata
- Mun Turun Lila, Mun Naek Gancang = Leho
- Tugu naon nu enak? Tugo Monas..monasi goreng, monasi uduk, kumaha ilaing we
- Sapi naon nu gancang? Sapida balap
- Di teuk teuk angger panjang? Kacang Panjang
- Huluna na suku, matana na suku, irungna nasuku, awakna na suku? Hayam katincak
- Leutik bodas hirup,cicing dina hulu? Kutu keur keputihan
- Aki-aki ragrag surak? Sakti
- Basa Arabna nini-nini lagrag ti tingkat 5 = Innalilahi Wainna ilaihi roji’un
- Lele naon nu sok aya di sisi jalan = Lelepon Umum
- Bedana Apel jeung Upil? Apel mah luhureun meja, mun upil handapeun meja
- Paskibra naon nu teu ngenah? Pas kibra-kibrana sare di hudangkeun
- Bedana HP jeung monyet? HP mah Nokia, monyetmah Nukieu
- Lomari naon nu sok nyanyi? Lomari Irama… *anjir maksakeun
- Oray naon nu majuna lempeng? Oray ngadahar linggis
- Cik Susun jadi kalimat “ Tai-Tikus-Kucing-Makan”? Kucing Makan Tikus,…Taina dahar ku Sia
- Jelema meuli bantal keur naon? Keur hudang
Sok ayeuna tong isin-isin urang pa waler-waler tatarucingan lah ,..bebas ,,,tong sarius teuing ngemutan na. :)
Komentar
Posting Komentar